TANBIH
BISMILLAHIRRAHMAANIRRAHIIM
Ieu pangéling-ngéling ti Pangersa Guru Almarhum,
Syaikh Abdullah Mubarok bin Nur Muhammad, panglinggihan di Patapan Suryalaya
Kajembaran Rahmaniah. Dawuhanana khusus kanggé ka sadaya murid-murid pameget,
istri, sepuh, anom, muga-muga sing ginanjar kawilujengan, masing-masing rahayu
sapapanjangna, ulah aya kebengkahan jeung sadayana.
Ogé nu jadi Papayung Nagara sina tambih kamulyaananan,
kaagunganana tiasa nagtayungan ka sadaya abdi-abdina, ngauban ka sadaya
rakyatna dipaparin karaharjaan, kajembaran, kani’matan ku Gusti Nu Maha Suci
dlohir bathin.
Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thariqah
Qadiriyah Naqsabandiyah, ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid
poma sing hadé-hadé dina sagala laku lampah, ulah aya carékeun Agama jeung
Nagara.
Eta dua-duanana kawulaan sapantesna samistina, kudu
kitu manusa anu tetep cicing dina kaimanan, tegesna tiasa ngawujudkeun
karumasaan terhadep agama jeung nagara ta’at ka Hadorot Ilahi nu ngabuktikeun
paréntah dina agama jeung nagara.
Inget sakabéh murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk
napsu, kagendam ku panggoda syétan, sina awas kana jalan anu matak méngparkeun
kana paréntah agama jeung nagara sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu
nyelipkeun dina bathin urang saréréa.
Anggur mah buktikeun kahadéan sina medal tina kasucian
:
Kahiji
|
:
|
Ka saluhureun ulah nanduk boh
saluhureun harkatna atawa darajatna, boh dina kabogana éstu kudu luyu akur
jeung batur-batur.
|
Kadua
|
:
|
Ka sasama tegesna ka papantaran
urang dina sagala-galana ulah rék paséa, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning
ngalakukeun paréntah agama jeung nagara, ulah jadi pacogrégan pacéngkadan,
bisi kaasup kana pangandika “ADZABUN ALIM”, anu hartina jadi pilara
salawasna, ti dunya nepi ka akhérat (badan payah ati susah)
|
Katilu
|
:
|
Ka sahandapeun ulah hayang ngahina
atawa nyieun deleka culika, henteu daék ngajénan, sabalikna kudu héman,
kalawan karidloan malar senang rasana gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas
jeung giras, rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun ku naséhat anu
lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan kahadéan.
|
Kaopat
|
:
|
Kanu pakir jeung miskin kudu welas
asih soméah, tur budi beresih, sarta daék méré mawéh, nganyatakeun haté urang
saréh. Geura rasakeun awak urang sorangan kacida ngerikna ati ari dina
kakurangan. Anu matak ulah rék kajongjonan ngeunah déwék henteu lian, da
pakir miskin téh lain kahayangna sorangan, éstu kadaring Pangéran.
|
Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan, sanajan jeung séjén
bangsa, sabab tungal turunan ti Nabi Adam a s. Numutkeun ayat 70 surat Isro anu
pisundaeunana kieu :
“Kacida ngamulyakeunana Kami ka turunan Adam, jeung Kami nyebarkeun sakabéh
daratan ogé lautan, jeung ngarizkian Kami ka maranéhanana, anu aya di darat
jeung lautan, jeung Kami ngutamakeun ka maranéhanana, malah leuwih utama ti
mahkluk anu séjénna.”
Jadi harti ieu ayat nyaéta akur jeung batur-batur ulah aya kuciwana,
nurutkeun ayat tina surat Almaidah anu Sundana.
“Kudu silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadéan jeung katakwaan
terhadep agama jeung nagara, soson-soson ngalampahkeunana, sabalikna ulah
silsih tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah agama
jeung nagara.”
Ari sebagai agama, saagamana-saagamana, nurutkeun surat Alkafirun ayat 6: “agama
anjeun keur anjeun, agama kuring keur kuring”. Surahna ulah jadi papaséaan kudu
akur jeung batur-batur tapi ulah campur baur. Geuning dawuhan sepuh baheula “Sina
logor dina liang jarum, ulah sereg di buana”. Lamun urangna henteu kitu tangtu
hanjakal di akhirna. Karana anu matak tugeunah terhadep badan urang
masing-masing éta téh tapak amal perbuatanana. Dina surat Annahli ayat 112
diunggelkeun anu kieu :
“Gusti Allah geus maparin conto pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa
desana atawa nagarana, anu dina éta tempat nuju aman sentosa, gemah ripah loh
jinawi, kaki-kari pendudukna (nu nyicinganana) teu narima kana ni’mat ti
Pangéran, maka tuluy baé dina éta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi
jeung sajabana, kitu téh samata-mata pagawéan maranéhanana”.
Ku lantaran kitu sakabéh murid-murid kudu arapik tilik jeung pamilih, dina
nyiar jalan kahadéan lahir bathin dunya akhérat sangkan ngeunah nyawa betah
jasad, ulah jadi kabengkahan anu disuprih “CAGEUR BAGEUR”. Teu aya lian
pagawéan urang saréréa Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah amalkeun kalawan
enya-enya keur ngahontal sagala kahadéan dlohir bathin, keur nyingkahan sagala
kagoréngan dlohir bathin, anu ngeunaan ka jasad utama nyawa, anu dirungrung ku
pangwujuk napsu, digoda ku dayana sétan. Ieu wasiat kudu dilaksanakaeun ku
sadaya murid-murid, supaya jadi kasalametan dunya rawuh akhérat.
Patapan Suryalaya, 13 Februari 1956
Ieu Wasiat kahatur ka sadaya ahli-ahli
Ieu Wasiat kahatur ka sadaya ahli-ahli
(KH.A Shohibulwafa Tajul Arifin)
RANGGEUYAN
MUTIARA
1. Ulah
ngewa ka ulama sajaman
2. Ulah
nyalahkeun kana pangajaran batur
3. Ulah
mariksa murid batur
4. Ulah
medal sila upama kapanah
Kudu asih ka
jalma nu mikangewa ka maneh
Pangersa Guru Almarhum